jeung nyela omongan deungeun sarta muji manéh, ari kitu petana téh dicegah ku syara Kangjeng Nabi shollallohu alaihi wasallam. Kalima, létah téh ulah dipaké ngabersihkeun manéh, ulah dipaké muji manéh téh. Kagenep, létah téh ulah dipaké ngala’nat, tegesna ulah ngagogoréng kana sakabéh dadamelan Alloh ta’ala, jeung ulah nyarékan kana sakabéh anu dijadikeun ku Alloh taala, kitu sotéh lamun ditangtukeun sarua baé anu digogoréng atawa anu dicarékan manusa atawa sato-héwan atawa batu atawa kayu atawa seuneu atawa cai atawa sapapadana saliana, ti dinya sarua baé. Jalma Islam atawa kafir anu ditangtukeun béda-béda. Lamun umum maka nya eta henteu naon-naon saperti lahir Alloh Taala anu disebut dina Qur’anul’adhim la’natullohi ‘alal kafirin, atawa la’natullohi ‘alal kadzibin, tatapi ari utamana mah urang teh, nya ulah bae ngala’nat kana naon-naon oge. Katujuh letah teh, ulah dipake ngadu’akeun kana sahiji mahluq Alloh Taa’la kana kagorengan nana sanajan nganiyaya ka maneh pon ulah bae. Ngadu’akeun kana kagorengan teh, anggur ku maneh serahkeun bae eta pagawean eta jalma ka Alloh Ta’ala. Kadalapan letah teh, ulah dipake mijah, tegesna banyol, jeung ulah dipake suhriyah, tegesna ulah dipakengomong heureuy, ulah dipake istihja binnaasi, tegesna ngahinakeun ka hal heuheuyan, karana eta kabeh anu tilu perkara di cegah ku kangjeng Nabi Shollallohu ‘alaihi wasallam. Jeung deui ari beuteung tea, anu matak diayakeun di maneh kudu diraksa, ulah di pake nyatu anu haram. Jeung anu subhat kudu dipake nyatu halal, aria nu halal tea nya eta
Page:Kitab Tashowwuf.pdf/6
Appearance