kaya uncal jeung sapi, jeung sapapadana anu beunang moroan ti leuweung, jeung sakur anu beunang ngala tina kakaian di leuweung kaya sagala pupucukan atawa dangdaunan jeung sapapadana. Kaya beunang ngali ti gunung kaya emas atawa salianna, jeung pusaka-pusaka, jeung beunang dagang, jeung beunang nyawah atawa ngebon, jeung arta jakat, jeung panyidkohan-panyidkohan, jeung tina hadiah-hadiah, jeung paméré jeung sapapadana.
Ari anu haram téa saperti babi jeung anjing jeung bangké jeung barang beunang maling atawa beunang ngarampas, jeung barang riba, jeung arak, jeung ladang arak, jeung salian tidinya sagala anu haram. Ari anu subhat téa, nyaéta barang anu syak kana halalna jeung kana haramna. Tegesna, anu hanteu tétéla halalna jeung hanteu tétéla haramna.
Ari parji téa, kudu diraksa ulah dipaké kana sakur-sakur anu diharamkeun ku Alloh ta'ala, sarta dirina téh kudu jadikeun masing cara anu lahirkeun ku Alloh ta'ala dina Quran kieu pokna “Walladziinahum lifuruujihim haafizhuuna, illa 'alaa azwaajihim auma malakat aimaanuhum ghoiru maluumina” (QS. Al Mu'minunn 23 : 4-6). Hartina : “ Jeung sakabéh jalma anu ngaraksa parjina, anging ka pamajikanana atawa ka gundikna nyaéta hanteu dicela ku syara.
Ari dua leungeun téa nyaéta, kudu diraksa ulah dipaké meupeuh neunggeul ka jalma Islam, jeung ulah dipaké nyokot barang anu haram, ulah dipaké nganyenyeri kana dadamelan Alloh ta'ala atawa dipaké cidra kana pipihapéan batur atawa teuteundeunan éta ulah. Kudu diraksa leungeun manéh téh ulah dipaké nyurah naon-naon baé anu hanteu hadé diomongkeun ku létah, sabab létah jeung leungeun téh éta hiji-hijina kénéh baé.
Ari dua suku téa nyaéta kudu diraksa ulah